Akibat pagawean maksiat

AKIBAT PAGAWEAN MAKSIAT
وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرَى ءَامَنُوا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَرَكَاتٍ مِنَ السَّمَاءِ وَالْأَرْضِ وَلَكِنْ كَذَّبُوا فَأَخَذْنَاهُمْ بِمَا كَانُوا يَكْسِبُونَ(96)أَفَأَمِنَ أَهْلُ الْقُرَى أَنْ يَأْتِيَهُمْ بَأْسُنَا بَيَاتًا وَهُمْ نَائِمُونَ(97)أَوَأَمِنَ أَهْلُ الْقُرَى أَنْ يَأْتِيَهُمْ بَأْسُنَا ضُحًى وَهُمْ يَلْعَبُونَ(98)
Jeung Upama pangeusi nagri eta airman jeung taraqwa, tangtu Kami maparin kurnia kamanehna rupa-rupa berkah ti langit jeung ti bumi, tapi maranehna ngabohongkeun, nya Kami nibankeun siksaan ka maranehna alatan saniskara nu geus diusahakeun ku maranehna.  (Al-A’raf 96-98)
الذنب شوم على غير فاعله :إن غيّره أبتلي وإن إغتابه أثم وإن رضي به شاركه (رواه الديلمى)
1.      Perbuatan dosa teh ngakibatkeun bahaya keur jelema nu teu ngalakukeunana : Upama manehna nyela bisa keuna ujian (cobaan), upama ngomongkeunana manehna dosa, upama manehna nyatujuan maka saolah-olah manehna milu ngalakukeunana.
والذى نفس بيده ما توادّثنان فتخاصما وتفرقا إلاّ بذنب أحدثه أحدهما (رواه الديلمى)
2.       Demi jiwa kaula aya dina tangan kakawasaanana, nya teu aya dua dua urang silih pikanyaah tuluy manehna pasea jeung papisah kajaba disababkeun dosa nu teu dilakukeun salah saurang ti duaan.
ويل لمن يكثر ذكرالله فى لسانه ويعص الله فى عمله (رواه الديلمى)
3.      Cilaka jelema nu loba zikirna ka Alloh keletahna, tapi maksiat ka Alloh ku pagaweanana.
من طلب محامدالناس بمعاصى الله عاد محامده له ذامّا (رواه ابن حبان)
4.      Sing saha nu neangan pujian jelema ku cara makssiat ka Alloh, mangka jalma-jalma nu mujina bakal malik nyelana.
لاتصيب عبد نكبة فما فوقها او دونها إلاّ بذنب  وما يعف الله عنه كثيرا, وقرأ : (وَمَا أَصَابَكُمْ مِنْ مُصِيبَةٍ فَبِمَا كَسَبَتْ أَيْدِيكُمْ وَيَعْفُو عَنْ كَثِيرٍ (الشورى30)    (مصابيح السنّة)  
5.      Teu aya saurang hamba ditimpa musibah rek ti luhur atawa ti handap datangna, kajaba minangka akibat dosana, Sabenerna aAlloh geus ngahampura nu loba dosa-dosana, tuluy Rasululloh macakeun ayat: Jeung naon bae musibah nu keuna kamaraneh mangka disababkeun ku pagawean leungeun maraneh sorangan. Jeung Alloh ngamaafkeun sabagian gede (tina kasalahan-2maraneh.”
إِذَا عُمِلَتْ الْخَطِيئَةُ فِي الْأَرْضِ كَانَ مَنْ شَهِدَهَا فَكَرِهَهَا وَقَالَ مَرَّةً أَنْكَرَهَا كَانَ كَمَنْ غَابَ عَنْهَا وَمَنْ غَابَ عَنْهَا فَرَضِيَهَا كَانَ كَمَنْ شَهِدَهَا  
6.      Diman hiji kasalahan dipigawe di jero bumi, mangka jelema nu nempona teu mikaresep na sarua jeung teu nyaksian di eta tempat, jeung jelema teu nempo kajadianana pagawean ma’siat eta tapi satuju kana eta pebuatan eta sarua manehna jeung nempo.  
إِذَا رَأَيْتَ اللَّهَ يُعْطِي الْعَبْدَ مِنْ الدُّنْيَا عَلَى مَعَاصِيهِ مَا يُحِبُّ فَإِنَّمَا هُوَ اسْتِدْرَاجٌ ثُمَّ تَلَا رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَلَمَّا نَسُوا مَا ذُكِّرُوا بِهِ فَتَحْنَا عَلَيْهِمْ أَبْوَابَ كُلِّ شَيْءٍ حَتَّى إِذَا فَرِحُوا بِمَا أُوتُوا أَخَذْنَاهُمْ بَغْتَةً فَإِذَا هُمْ مُبْلِسُونَ -(الأنعام 44)  (رواه أحمد و الطبرانى)
7.      Diman maraneh nyaksian pamasihan ti Alloh tina kahirupan dunya bari ngalakukeun dosa nurutkeun kahayangna, mangka saestuna eta istidraj: Tuluy Rasul macakeun ayat: mangka nalika maranehna mopohokeun paeringatan nu geus dibikeun ka maranehna, Kami mukakeun sakabeh panto-2 kasnagan pikeun maranehna, sahingga diman maranehna gumbira tina naon nu geus dibikeun ka maranehna, Kami nyiksa maranehna ku ngadadak maka nalika kitu , maranehna ciccing putus asa.
لاتكفروا أحد من أهل القبلة بذنب وإن عملوا الكبائر وصلّوا مع كلّ إمام وجهدوا مع كلّ أمير  (الطبرنى)
8.      Ulah ngapirkeun jalma nu salat disababkeun pagawean dosana soksanajan (dina kanyataanana) maranehna ngalakukeun dosa gede, prak solat ditukangen tiap-2 iman, jeung prak jihad bareng tiaptiap panguasa.
من ترك معصية الله مخافة الله أرضاه الله ( أبو يعلى)
9.      Sing saha nu ninggalkeun maksiat ka Alloh disababkeun sieun ku Alloh mangka manehna bakal meunang karidoan Alloh.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar